LINGKARPENA.ID | Mahasiswa Kuliah Kerja Nyata Tematik One Village One Department (KKN OVOD) Kelompok 05 Universitas Muhammadiyah Sukabumi (UMMI) suksés ngalaksanakeun sauntayan kegiatan Lokakarya Awal di Desa Sindangraja. Sosialisasi program kerja ieu dilaksanakeun dina dua sési, nyaéta pikeun tingkat masarakat desa dina dinten Jumaah (10/7/2026) jeung tingkat sakola dina dinteun Salasa (14/7/2026).
Ngusung téma “Ngabdi Saperti Akar: Ngawuwuhan ti Dasarna, Nopang Pamberdayaan”. Kelompok 05 ngajukeun sababaraha program kerja strategis anu ngakar kana masalah nyata di lapangan. Téma eta diwujudkeun ngaliwatan inisiatif REKABUMI – Reduksi jeung Kelola Sampah Sukabumi.
Fokus Pamberdayaan di Tingkat Desa Dina lokakarya kahiji anu dihadiran ku Pamarentah Desa, tokoh masarakat, sareng warga, tim KKN UMMI ngajelaskeun program utama anu nyasar kana séktor lingkungan, tatanen, jeung peternakan.
Program utama anu diusung di antarana:
Nu Ka Hiji Palatihan Nyieun POC Pupuk Organik Cair, pikeun ningkatkeun produktivitas tatanen.
Nu Ka Dua Produksi Biochar Salaku inovasi panyubur taneuh anu ramah lingkungan.
Nu Ka Tilu Nyieun Silase Pakan ternak alternatif anu gizina luhur pikeun para peternak.
Salian ti eta, salaku program pangrojong, para mahasiswa oge baris ngalaksanakeun Edukasi Lingkungan jeung Optimalisasi Website Desa. Pikeun ngadorong transparansi jeung kabukaana informasi publik di era digital.
Ngewujudkeun Eco-School di MA Nurul Hasanah Sedengkeun lokakarya sési kadua difokuskeun kana dunya atikan. Sasarengan jeung Masa Ta’aruf Murid Madrasah (MATAMUDA), mahasiswa ngajadikan MA Nurul Hasanah salaku mitra utama.
Di dieu, mahasiswa ngajak para siswa pikeun nerapkeun konsép Sakola Ramah Lingkungan atawa Eco-School. Program ieu baris diwujudkeun ku cara ngawangun Bank Sampah Sakola.
Para siswa baris dilibatkeun langsung dina ngokolakeun runtah ngaliwatan kagiatan praktis saperti budidaya maggot, nyieun ecobrick, produksi kompos, dugi ka praktek nyieun silase.
Henteu ngan ukur paduli ka lingkungan, mahasiswa ogé nyiapkeun program Pangampingan Nilai AIK Al-Islam jeung Kemuhammadiyahan, pikeun nguatkeun karakter jeung spiritualitas para siswa.






